Rabu, 26 Oktober 2011

Mamah Tiasa Bungah Deui

(carpon bahasa sunda)

Gusti…
Peurih ieu hatĕ,
Peurih ieu rasa,
Moal aya nu tiasa ngarasakeun iwal ti kuring,
Kunaon Gusti...
Kunaon?,
Naha Anjeun bet misahkeun bapa ti kuring jeung mamah?,
Sanes teu ikhlas,
Sanes teu narimakeun,
Mung Gusti…
Soca ĕndah mamah baseuh waĕ ku cimata ti saprak bapa teu aya,
Gusti langkung uninga…
Nya hatĕ ieu tĕga kitu?,
Nya hatĕ ieu luas kitu?,
Ninggali mamah ni carimasbas ku cimata?...

**********

“ Nah…ari bapa, naha bet ngantunkeun teteh jeung mamah?,
Nah..ari bapa teterang, mamah nangis waĕ ĕmut ka bapa?.
Gerentes kuring sabari nanghunjar calik di dipan kamar payun nu sok di anggĕ ku bapa bobo siang.
“ Nah…bapa teterang kitu, ari kahirupan mamah jadi katalangsara ari teu aya bapa?”.
Kuring terus ngalamun bari ngomong sorangan.
“ Ari bapa tĕh teterang, mamah tĕh nyaah pisan ka bapa, kurang kumaha kadeudeuh mamah ka bapa?”.
Kuring meni sajongjonan ngalamun neuteup kemang ros, nu asalna hadiah ti bapa kanggĕ mamah, sabari terus wĕ gegerentes sorangan.
“ Nah... ari…”
Krĕĕĕĕĕĕk.
Panto sada nu muka, kuring langsung rĕpĕh, rĕt ngarĕrĕt kana lawang panto nu tadina nutup jadi muka, teu lami lol pamenteu panggeulisna sadunia, si mamah.
“ Nuju naon tĕtĕh?”.
Bari gĕk gigireun kuring.
“ Ah…henteu mah…ĕnakeun wĕ di kamar ieu mah tiis”.
“ Mmmh… nya ari kitu mah sok wĕ, mamah badĕ ka pangaosan heula, kadĕ di buminya”.
“ Muhun”.
Lĕos si mamah angkat, kuring neruskeun deui ngalamun nu bieu katunda, dugikeun ka reup kaboboan.

**********

Hujan meni ngagebrĕt ageung.
Kuring anteng nyonyoo Hp, payuneun mamah ogĕ meni anteng nulis dina buku kas tahunan, bari jeung trak trĕk mencĕt kalkulator.
Singhorĕng pan mamah tĕh guru sakaligus bendahara di SD 3 Gunungbatu.
Sabari neuteup mamah, hatĕ kuring cumarita sorangan.
Kuring nagahaturkeun syukur pisan ka Gusti Allah, pas di kantunkeun ku bapa, mamah tĕh gaduh padamelan, teu patos nalangsa teuing hirup tĕh.
Masih kĕnĕh tiasa emam, kuring masih tiasa sakola, mamah ogĕ masih mampu neraskeun kuliah S2’na.
Batin kuring sok peurih mun ngadangu rerencangan di kelas nyaitakeun tentang bapana sĕwang-sĕwangan, kuring ngan ukur bisa rĕpĕh, tungkul, bari ngalĕos.
Mamah nu sakieu bageurna, kunaon bapa meni tĕga muragkeun talak 1 ka mamah?.
“ Wayaaaaah…”.
Mamah ngebrag mĕja.
“ Naaaaa… ari mamah, reuwas !, kunaon cenah, kumaha pami ieu jajantung murag?”.
Kuring ngagebeg reuwas.
“ Atuda meni sok ngĕwa geura ari tos hulang-huleng teu pararuguh, bisi kaseuit, tuh…tos tabuh 9 angguran geura bobo, bilih enjing kasiangan ka sakola”.
“ Muhun”.
Kuring lĕos ka kamar, ngantunkeun mamah nu masih anteng ngadekul nyerat.

**********

Subuh nu agung.
Saparantos netepan, mamah nyauran.
“ Tĕtĕh kadieu…”.
Kuring nyaketan mamah di ruang tamu.
“ Aya naon mah?”.
“ Aya nu badĕ di carioskeun ka tĕtĕh, mung teu kĕnging bendunya, salami 3 minggu ieu tĕh aya nu di sumputkeun ku mamah ti tĕtĕh”.
“ Naon mah?, sok wĕ carioskeun”.
Mamah meni rĕnghap ranjug, teu biasana mamah kieu, biasanamah upami badĕ nyarios gĕ sok pok wĕ langsung. Aya naonnya… hatĕ kuring tatanya.
Gap mamah nyepeng panangan kuring.
Pok nyarios.
“ Tĕh.. pan tĕtĕh tos ageung, ngartos mereun, yĕn hirup urang tĕh sanĕs biaya pisaaliteun, sakola tĕtĕh gĕ engine beuki luhur, mamah upami ngabiayaan nyalira mah teu sanggup, terang pan tĕtĕh ogĕ gajih mamah sabaraha.
Mama moal maksa, da mamah alim nganyenyeri tĕtĕh, ieu mah upami tĕtĕh ngawidian, kersa teu tĕtĕh nampi gegentos bapa?”.
Mamah neuteup kuring.
Kuring kacida bingungna, hatĕ mah gideug.
Tapi…pas di fikiran deui, karunya ogĕ ka mamah upami nyalira waĕ, sugan wĕ ari aya gegentos bapa, mamah teu sedih deui.
“ Upami ku ayana gegentos bapa mamah tiasa bungah deui, mangga ku tĕtĕh di widian, mung upami engkin gegentos bapa wani nganyenyeri mamah, tong nyalahkeun tĕtĕh upami engkin maksa mamah pisah jeung manĕhna”.
Ret, mamah nangkeup.
“ Nuhun tĕtĕh”.

**********
Tabuh 2 wengi.
“ Gusti…
Nuhun…
Saparantos aya gegentos bapa..
Kuring tiasa ninggali deui gumujeng imutna mamah…
Mugi mamah tiasa bungah salamina sareng bapa nu ayeuna…
Amin…”.

Reup kuring kaboboan di luhur sajadah suci tahajud nu maha agung.

1 komentar:

  1. teteh yang sabar ya, tetap semangat dan berusaha menjalankan kehidupan kk bantu do'a kelak suatu saat nanti teteh bisa buat ibu tersenyum manis dan ibu bahagia aminn ...

    BalasHapus